Teu karasa, geus méh dua taun umurna wéblog
bujanggamanik téh. Kuring wawawuhan jeung nu ngaranna blog téh ti saprak gawé
di warnét. Mun teu kajurung ku nasib jadi operator mah, biheung kuring loma
kana unak-anik internét. Lebah dinyana mah, sukur nu aya kuring dina masalah
gawé tara bauan. Sakirana mangpaat jeung bisa jadi andelan pangupa jiwa mah, carék
paribasana diteuleuman nepi ka eungapna. Nya antukna mah kuring bisa nyieun
imah di jalan gedé liliwatan patalimargana saalam dunya.
Mimiti nyieun pondasi teh tungtung bulan Agustus
taun 2006, kadituna ditema ku masang bata jeung saheulaanan mah cukup ngajanggélék
nepi ka bisa ngiuhan wé. Kuring gé cara umumna batur, boga imah téh hayang nu
rada pantes jeung tangtuna eusina pepek ngarah teu ngérakeun mun pareng aya nu
nyémah. Atuh lahlahan kuring téh satékah polah usaha pikeun mapantes jeung
ngeusianana.
Aya éta gé niat hayang pindah imah alatan geus
aral teu bisa mapantesna atawa keuna ku kedul pikeun ngeusianana. Sugan mun
pindah imah mah aya sumanget deui. Sababaraha kali kuring mitembeyan nyieun
imah anyar nu kabéhanana gé kara pondasi wungkul kasebutna mah. Nya kitu téa,
sarua buntu laku. Ana dipikir-pikir, teu ku hanteu dasar jelema teu bisa
narimakeun nu geus aya. Lebar mun imah nu geus diadegkeun téh teu diurus atawa
dilurjeunkeun, mendingan dimimitian deui wé pikeun dipapantes jeung dieusian.
Ti poé ka poé, bulan ka bulan, ku teu nyangka tungtungna
mah imah téh rada sieup katempona jeung eusina gé kawilang munel wé sakitu mah.
Nya panceg engké bulan Agustus hareup, imah nu dicicingan kuring ayeuna téh
nincak umur dua taun. Paménta, sugan jeung sugan imah nu keur dicicingan téh
salawasna matak betah jeung nengtremkeun haté nu salawasna marudah ku panéka
jaman. Wilujeng Milang Kala nu ka dua taun. Bral ah!